PASANGGIRI
MACA SAJAK SUNDA
TAHAP SD/MI-SMP/MTS-SMA/MA/SMK
SA-TATAR SUNDA KA-7
SEKRETARIAT : KAMPUS SMA PASUNDAN 2 TASIKMALAYA ( (0265) 330210 TASIKMALAYA
KATANGTUAN PASANGGIRI
Patandang dibagi tilu tahap, nyaeta tahap SD/MI - SLTP - SLTA nu aya di wewengkon tatar sunda
- Pasanggiri baris dilaksanakeun ping 26,27,28 Desember 2008 Tabuh 08.00 – dugi ka rengse
- Tiap-tiap patandang macakeun 2 judul sajak
anu baris dibaca dina “babak penyisihan” hiji sajak, sareng “babak pinal” hiji sajak. - Pakean (kostum) patandang dina waktu tandang bebas tapi sopan.
- Dina waktu tandang, patandang teu dibenerkeun aya anu ngengklokan.
- Patandang bebas ngagunakeun media naon bae nu aya dina panggung atawa di sabudeureunana
- Patandang aya di lokasi pasanggiri 15 menit sateuacan pasanggiri dikawitan, kalawan ngalaksanakeun daftar ulang ka panata calagara.
- Gempungan (Technical Meeting) dilaksanakeun Rebo ping 24 Desember 2008 jam 12.30 (ba’da duhur)
- Kategori Pinunjul dibagi kana : Pinunjul 1 nepi ka 6 tiap tahapan kalayan teu ngabedakeun wanoja atawa jajaka. Iwal ti kategori SD/MI dibagi kana katagori wanoja jeung jajaka
- Tiap patandang dileler LAYANG PANGAJEN, Tiap pinunjul lian ti meunang LAYANG PANGAJEN oge baris dileler Trophi. Keur Pinujul ka 1 nepi ka Pinunjul 3 ditambah ku “uang pembinaan”
Tiap patandang mayar pendaptaran : Rp 15.000 keur tahap SD/MI Rp 20.000 keur tahap SLTP/SLTA - Bahan sajak dina wujud Antologi Sajak dipasrahkeun ku Panata Calagara dina waktu patandang daptar,oge bisa ngunduh (ngadonwn load) di alamat smapasundan2tasikmalaya.blogspot.com
- Patandang anu digentraan 3 kali teu aya tandang, baris dikapengkerkeun. Upama digentraan 3 kali sabada dikapengkerkeun,
diantosan dugi ka 5 menit, upami langkung ti 5 menit dianggap gugur. - Panata calagara teu nyayogikeun akomodasi namung kanggo nu gaduh maksad nginep tiasa ngagukeun asrama putra-putri, atanapi aula oge kelas di SMA Pasudnan 2 Tasikmalaya
- Hal-hal liana anu teu kaunggel dina ieu katangtuan baris
disawalakeun dina gempungan. - Kaputusan girang pangajen mutlak teu tiasa
diganggu gugat.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar