Tawis Soca
Antologi Puisi Pasanggiri Maca Puisi
SMA Pasundan 2 Tasikmalaya
SD:
1. Dongéng Indung – Nazaruddin Azhar
2. Indung jeung Anak – Sayudi
3. Panuhun Kuring – Ano Karsana
4. Kahirupan Ma Anah – Éddo SY
SMP:
1. Tawis Soca – Étti RS
2. Néangan – Hadi AKS
3. Génésis – Iim I. Padmanegara
4. Sajak Cinta – Chyé Rétty Isnéndés
SMA:
1. Bangkarak Ulang Taun – Dédén Abdul Aziz
2. Sajak Cangkrungan – Éddy Rusyana Noor
3. Jantung-jantung nu Jarogéd – Ériyandi Budiman
4. Hiji Catetan keur Kota Resik – Saéful Badar
Kumpulan sajak ieu dipilih ku Langari (Panglawungan Pangarang Kiwari)
Sajak pikeun SD
Nazaruddin Azhar
Dongéng Indung
Dongéng datang ti bihari
Unggah ka saban implengan
Sabot peuting mépéndé nu miang ka pangimpian
Dongéng indung ngagalindeng méméh tibra
Mawa kuring ka sawarga mana boa
Nu nonggérakkeun hartina nyaah jeung asih
Tempat silih peruhkeunana nu bener jeung nu salah
Dongéng dunya hideung bodas
Mawa pikir ngumbara meuntasan waktu
Aya kalana kuring tepung jeung satria
Nu toh pati jiwa raga mélaan hirup huripna
Aya kalana nu datang téh durujana
Nu ngaberungkeun amarah taya hinggana
Kuring amprok jeung Sangkuriang
Tepung jeung Guruminda ti kahyangan
Sakapeung nu datang Ciung Wanara
Atawa tokoh lian tina dunya sasakala
Kalan-kalan dongéng indung matak lucu
Réngkak sato disina miyuni jalma
Jiga peucang jeung buaya atawa sakadang kuya
Ngajak ulin dibarung rasa gumbira
Sakapeung nu datang téh Si Kabayan
Atawa Abu Nawas nu jolna ti peuntas séjén
Kabéhanana mawa watek séwang-séwangan
Ngipuk batin ku pakaya tan watesan
Tasikmalaya, Agustus 2001
Sayudi
Indung jeung Anak
Anak:
Ema naon eusi langit
jeung di mana tungtung langit
katut béntang nu baranang
Indung:
Teu jauh ti dada ema
eusina napas jeung getih
béntang teu jauh ti Ujang
Anak:
Ema saha nu boga langit
jeung béntang anu baranang
saha nu boga bulan
katut beurang jeung peutingna
Indung:
Kapan sagala nu Ujang
paéh hirup anu Ujang
Kota S, Juni 1956
Ano Karsana
Panuhun Kuring
Panuhun kuring ka gunung
Nu ngalamuk tungtung ibun
Panuhun kuring ka tutuwuhan
Nu ngalamuk tungtung lembur
Sok sanaos teu rumaos ngagaduhan
Duka saha nu kagungan
Mun rebun dibakutet ku halimun
Mun siang éndah ku lénglang mentrangna
Mun sonten dirubung-rubung layung
Sok sanaos teu rumaos ngagaduhan
Duka saha nu kagungan ni’mat
Panuhun nu lumungsur
Dugi ka siklukna panyawéran
Nu kaheumpikan talawéngkar
Mugia teu kendat-kendat
7 Syawal 1401 H
Éddo SY
Kahirupan Ma Anah
Ma Anah tukang surabi
saban subuh satia nganti nu meuli
satuhu usaha ngadago rijki
ceuk paribasa najan payu ngan sasiki
Ma Anah tukang surabi
teuing geus ngaliwatan pirang réwu janari
aya ramé aya sepi
kauntungan henteu pasti
“Ema ogé lin teu hayang jiga batur
ema yakin rijki mah aya Nu Ngatur
ku kituna henteu kudu jadi catur
gedé leutik ema tetep ngucap sukur.”
Ma Anah tukang surabi
satia usaha nganti nu meuli
rék ramé rék sepi
tetep sumujud ka Gusti.
April ahir ‘82
Pikeun SMP
Étti RS
Tawis Soca
Tawis soca ti salira
saranggeuy kembang kadeudeuh
meleber ‘na angen-angen
nyambuang sapanyawangan
naon deui roncéeun haté
mun pipiteun ngadalingding sataman asri
Tawis soca ti salira
sahurun tangtungan dina jajantung
nanceb mageuhan balé wewesén
nu koropok ditunggon kolot
paingan sabda bujangga
sing waspada cupumanik astagina
Tawis soca ti salira
kahiuk angin ti lamping
ngawang-ngawang muru layung
ka mana urang ngabungbang
mun bulan ti heula miang.
Hadi AKS
Néangan
reureuh salenyapan
di Cisayong
panineungan nyéak ka girangkeun
lebah puncak Galunggung
tembus
terus
kana lulurung-lulurung Bandung
ngencling ti peuting
di Lémbang
maca baé saban kakelar
dina batu atawa daun halimun
beuki jauh
ka ditu
ka puseur layung nu ditilar
ngenclang sakolényay
di Citapis
nyuuh dina kalakay sempur
ngagenyoy babatuan gunung
tuluy leyur
juuh
kakangen nu lila ngimpel
dina angen sorangan
1998
Iim I. Padmanegara
Génésis
geura bagéakeun ieu kula
nu datang tina pepeteng indung
lunta rék nyiar warna-warna dunya
tina geni kula ménta beureumna
tina bumi kula ngala hideungna
tina bayu kula mipit konéngna
tina banyu kula nyiar putihna
(wit hiji dahané papat
siki dua kembangna mancala warni)
clik putih
clak hérang
sih asih
sir anasir
janggélék ngajadi déwék
: lebu nu ngimpi jadi manusa!
1993
Chyé Rétty Isnéndés
Sajak Cinta
Ieu sajak cinta
nu kecapna dikoréhan
nu basana diraéhan
tina lulurung kalbu kulawu
Ieu sajak cinta
nu geterna pinuh katresna
nu rasana pinuh galura
paul langit paul sagara
Ieu sajak cinta
tandonna jiwa jeung raga
borahna bagja jeung sangsara
keclakna beureum getih déwangga
Ieu sajak cinta
baseuh leuseuh ku cisoca
murubut kawas inten maruragan
bodas nyacas ngagaréndang
Ieu sajak cinta
keur salira
ukur
keur salira
Kampus, 4 Agustus 1999
Keur SMA
Dédén Abdul Aziz
Bangkarak Ulang Taun
Wilujeng ulangtaun, cék kuring kana lilin nu naceb dina
ratusan juta pasang panon. Lilin nu ajeg luhureun méja
makan, sapotong nanggeuy seuneu nu ngabebela ngahuru
langit. Naon anu bisa dijieun kado keur anjeun? Sapotong
puisi atawa borélakna balati? Atawa sagagang malati? Iwal
haté nu ngan kari sabeulah, hiji kado keur salira. Wilujeng
Ulang taun, cék kuring kana kalangkang dina témbok.
Sésa lipstik, sora musik, jeung sapotong haté nu teu weléh
pagiling gisik. Dengkleung deui dengkleung deui, wirahma
kasimpé anjeun ditabeuh unggal tepungna waktu demi
waktu. Batan capé kalah waktu nu beuki béak dipaké ngelat
kamelang. Katresna. Kakangen. Angen-angen. Wilujeng
Ulang taun, cék kuring ka diri sorangan. Angin nu masih
kénéh jadi angin, némbrés ngawakilan sora katresna.
“Pésta iwal nyésakeun tapakna, topéng-topéng geus waktuna
Dibuka. Impian geus nganjang deui jeung kanyataan.” Iwal
Kasimpé, hiji kado keur salira. Wilujeng
Ulang taun, cék kuring, teuing keur saha.
1997
Éddy Rusyana Noor
Sajak Cangkrungan
Di jojontor; layon kasono ngajolopong dina sédong
bugang kanyaah nyangsang dina sela-sela karang
mayit asih ngalungsar palebah tegalan keusik
(sorangan, di Cangkrungan; nulis carita na batu
nulis carita na tangkal
nulis carita na daun
ku getih kapeurih!)
Sesemplékan haté marékplékan
leungeun kadeudeuh pageuh ngaranggeum simpé
ngeteyep mapay pangparatan rasa
bada matapoé nyulusup na sela-sela harigu
salambar carita na daun kalakay
murag ka sarakan cimata
nu leuleuy malidkeun tineung: ka sagara
(di Cangkrungan katunda sésa carita
téangeun jaga, biheung iraha!)
Cangkrungan-Pangandaran, 3 Agustus 1995
Ériyandi Budiman
Jantung-jantung nu Jarogéd
Di kota-kota nu jantungna digunasika haté-haté nu midua,
rébuan jalma oray-orayan mapay aspal, luar-léor ngagaur-gaur
mesin, nyuhun harepan bari garogonjakan. Tos lami nyidem cisoca
dina raraheut manah. Kadungsang-dungsang dina sagara karinget.
Mangka mangsa aya pésta adu massa, jantung-jantung nu
marudah dumadak oyag ngabedahkeun kacinta, endag-endagan
mapaés dangdut, music house, sareng kasidah, jarogéd luhureun
treuk na amparan jalan dugi ka pom béngsin
“Abdi janten rayat deui!” saur pangsiunan bari niir wanci énjing
sareng sonten, sanaos mingkin hideung lestreng. “Itung-itung
mopohokeun hutang!” Gagak nu jarogéd silih simbeuh kabungah
bari nurihan poster: Jangan Ada Dusta di antara Kita, dugi ka
Dengan Niat Ibadah Kita Hijrah!
Dina kampanyeu, karinget gé tiasa baé janten seuneu. Mangka
sapanjang trotoar rabeng és lilin ditéma solawat, sangkan teu aya
urat-urat jaranten kawat, nyidem orat dina lemahna pituin.
Namung, mungguhing dodoja, aya waé lauk buruk ngiring
tutubruk, mijah ngagadabah nu niat ibadah, ngaduruk jantung-jantung
nu sabil janten bedil, batu, sareng silalatu nu nyeuneu kabendu.
1997
Saéful Badar
Hiji Catetan keur Kota Resik
Bener, hunyudan runtah mo méré pangabetah
Sedeng na saban trotoar
Nu daragang humandeuar
Nyarungsum hirup lir na tetelar
Tapi mangka kudu dicatet
Lain keur rahul ku Adipura
Atawa monumén jeung munara
Sabab hirup geus teu nyangking cahaya
Alatan ilang rasa keur miroséa
Ledis ku pamrih dipikajaya
Deudeuh, Tasik nu resik tur camperenik
Geus palastra saréwu gunung nu kungsi dipibanda
Geus musna ajén pasantrén nu jadi papayung kota
Kalindes baliho jeung papan iklan
Nu ngabedega di unggal péngkolan jeung parapatan
Saréwu ruko, toserba, jeung parumahan
Banget téga ngilangkeun katingtriman
Keur narimakeun hirup sakujur tangtungan
Geusan ngukur kamampuh séwang-séwangan
Tasikmalaya, 2006
Kamis, 04 Desember 2008
Langganan:
Postingan (Atom)
