Minggu, 30 November 2008

PASANGGIRI
MACA SAJAK SUNDA
TAHAP SD/MI-SMP/MTS-SMA/MA/SMK
SA-TATAR SUNDA KA-7

SEKRETARIAT : KAMPUS SMA PASUNDAN 2 TASIKMALAYA ( (0265) 330210 TASIKMALAYA

KATANGTUAN PASANGGIRI

    1. Patandang dibagi tilu tahap, nyaeta tahap SD/MI - SLTP - SLTA nu aya di wewengkon tatar sunda

    2. Pasanggiri baris dilaksanakeun ping 26,27,28 Desember 2008 Tabuh 08.00 – dugi ka rengse
    3. Tiap-tiap patandang macakeun 2 judul sajak
      anu baris dibaca dina “babak penyisihan” hiji sajak, sareng “babak pinal” hiji sajak.
    4. Pakean (kostum) patandang dina waktu tandang bebas tapi sopan.
    5. Dina waktu tandang, patandang teu dibenerkeun aya anu ngengklokan.
    6. Patandang bebas ngagunakeun media naon bae nu aya dina panggung atawa di sabudeureunana
    7. Patandang aya di lokasi pasanggiri 15 menit sateuacan pasanggiri dikawitan, kalawan ngalaksanakeun daftar ulang ka panata calagara.
    8. Gempungan (Technical Meeting) dilaksanakeun Rebo ping 24 Desember 2008 jam 12.30 (ba’da duhur)
    9. Kategori Pinunjul dibagi kana : Pinunjul 1 nepi ka 6 tiap tahapan kalayan teu ngabedakeun wanoja atawa jajaka. Iwal ti kategori SD/MI dibagi kana katagori wanoja jeung jajaka
    10. Tiap patandang dileler LAYANG PANGAJEN, Tiap pinunjul lian ti meunang LAYANG PANGAJEN oge baris dileler Trophi. Keur Pinujul ka 1 nepi ka Pinunjul 3 ditambah ku “uang pembinaan”
      Tiap patandang mayar pendaptaran : Rp 15.000 keur tahap SD/MI Rp 20.000 keur tahap SLTP/SLTA
    11. Bahan sajak dina wujud Antologi Sajak dipasrahkeun ku Panata Calagara dina waktu patandang daptar,oge bisa ngunduh (ngadonwn load) di alamat smapasundan2tasikmalaya.blogspot.com
    12. Patandang anu digentraan 3 kali teu aya tandang, baris dikapengkerkeun. Upama digentraan 3 kali sabada dikapengkerkeun,
      diantosan dugi ka 5 menit, upami langkung ti 5 menit dianggap gugur.
    13. Panata calagara teu nyayogikeun akomodasi namung kanggo nu gaduh maksad nginep tiasa ngagukeun asrama putra-putri, atanapi aula oge kelas di SMA Pasudnan 2 Tasikmalaya
    14. Hal-hal liana anu teu kaunggel dina ieu katangtuan baris
      disawalakeun dina gempungan.
    15. Kaputusan girang pangajen mutlak teu tiasa
      diganggu gugat.